1 Januari 2010

Gegedug Ngusep

Dina hiji dusun pamancingan di nagara lauk leuwi deét, wargina teh kabeh tukang ngusep pagaweanna. Dina hiji wangsul saacan “PilGaSun” (Pemilihan Gégedug Dusun), jawara-jawara ngusep teh keur ngarumpul, bari pa agul-agul ngusep.
Ceuk jawara nu hiji “wah urang nu ngusep paling jago di dunia mah”, kumaha kitu euy? ceuk nu lain teh “urang mah kakarak clom langsung di sanggut ku lauk tah eumpan, urang mah nomer hiji di dunia”. Wah kurang jago eta mah ari cek jawara nu kadua “hebat keneh simkuring” kumaha maneh? ceuk jawara nu hiji. “urang mah karek oge di geleng–geleng eumpan, lauk geus naronghol, “buru atuh teu kiat geus hayang nyantok” nepi kakitu! jadi urang meureun nu paling jago mah.
Teu bisa ceuk kunu katilu, teu aneh ceunah mah. “alus eumpan urang”. heug kumaha ceuk nulain teh “urang rek ngusep poe Minggu, Sabtuna lauk teh ka arimah, enjing ngusep moal? Tah aricing weh nu lainna, kubat nu pangalus–alusna eumpan make nepi naranyakeun lauk teh, enjing ngusep moal, nepi kudu kitu. Tah ari kitu mah katingali meureun saha nu bakal jadi calon gegedug dusun teh..
(Saduran kang Ohang RW X tina caritaan kang Ibing)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar