12 Januari 2010

CERPON

Open
Dina hiji mangsa aya urang kampung namina Aceng diajak ku si Budi ka Jakarta. Pan ari urang kampung mah meni “so” atoh lamun diajak ka Jakarta mah cenah. Teu lila mangkat weh si aceng jeung si Budi ka Jakarta, sa atos nempuh pajalanan sakitar opat jam si Aceng jeung si Budi istirahat ka bumi mamangna si Budi.
Saeunggeus Istirahat sapoean si Aceng diajak si Budi ka Bank dititah mamangna nyokot duit. Pas nepi hareupen panto Bank pan aya bacaan OPEN si Aceng sieuneun asup, si Budi nanya “kunaon Ceng? Si Aceng ngajawab “urang sieun tutung lamun asup ka OPEN mah”. Si Budi maksa si Aceng asup ge teu bisa, geus we si Budi asup sorangan.
Saeungeus si Budi asup teu lila aya urang kulit bodas asup oge ka jero Bank, si Aceng ningalikeun asupna urang bule eta, teu lila aya weh urang kulit hideung kaluar ti Bank. Si Aceng langsung lumpat rada jauh ti Bank eta.
Pas si Budi kaluar ditanya we ku si Aceng “Bud, meneh kok teu tutung sih asup ka OPEN? Heunte atuh Ceng OPEN teh hartina Buka jadi laenna OPEN kueh,” jawab Budi. Tapi tadi aya jalma bodas asup pas kaluar tutung. eta mah urang bule nu asup terus nu kaluarna urang negro. owhhh..!
Di sadur tina carita kang JUNA (RT 03/10)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar