5 Desember 2009

Bapa Nu Pang Hideungna

Dina hiji mangsa aya barudak negro keur ngarumpul bari ngomongkeun pang unggul– unggul bapana. Pan ari di negro mah harideung teh jadi kabanggaan cenah.
Ceuk budak negro nu hiji teh, “bapa urang panghideung na sanegro mah” Henteu bisa cek ku nu ka dua teh, “bapa urang.” “Nya heuteu bisa atuh, bapa urang” cek nu ka tilu. Ditembalan ku nu kahiji “emang ari bapa maneh kumaha kitu? bapa urang mah lain bohong euy hideungna, pan keur maen bal katemprang sukuna, katingali potong, tulangna hideung!
Wah atuh nya nu hebat mah bapa urang! Ceuk nu kadua, naha kitu ceuk budak nu lain teh. Bapa urang mah pernah kacugak mani ngocor, hideung siah getih na teh.
Bakating embung eleh, ceuk nu ka tilu nembalan “bapa urang mah kuat urang asup ka tepas imah, bapa urang keur maca koran tuluy urang asup, bapa urang hitut plek poek ku bakat hideung-hideung na hitut na oge poek. Jadi saha atuh anu pang hideung-hideung na teh?? di sadur tina carita Kang Inbing

Tidak ada komentar:

Posting Komentar