1 Maret 2010

Hayang Turun

Hiji mangsa aya nu ti lembur datang ka Jakarta ulin, numpak beus kukulilingan. Pas geus numpak, mun hayang turun, alah teu bisa ngomongna arek turun teh kumaha, bisi salah engke dipajarkeun dusun. Kabeneuran pisan pan eta mah pas keur kukurilingan di jalan Ponegoro aya urang Jawa euren, ngonong “ya Ponegoro berhenti”, turun muter saeutik urang Padang ngomong “Imam Bonjol berheti” terus ngalewat ka Kabayoran urang Batak ngagorowok “Sisinga Maharaja berhenti”.
Oh ceuk urang lembur teh dina jeuro hate ngomong “mun di Jakarta mah mun rek eureun teh ngomongken para pahlawan masing–masing na. Si eta nu ti lembur pan teu nyaho, da teu diajar sajarah tea. Kabeneran manehna ingeut jago pencak silat di daerah na, diseubatkeun weh mani ku tarik “abah Miranta” teu di denge ku bes tuluy we makin beudas “Abah Miranta” teteup weh lempang beusna. Jadi bingung manehna. Jadi weh ditanya kubatur Ku naon maneh teh?.. ka mana wae atuh.Ticaritaan kang Ohang Warga RW XDua

Tidak ada komentar:

Posting Komentar